Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Hoaks jeung Hitut

Jaman ayeuna, teu eksis lamun teu berbagi. Pajarkeun teh sharing is caring cenah Ceuceu, Sujang. Nu puguh mah sharing is pusing. Naha bisa kitu? Nya enya atuh, tong boro ku lobana  informasi anu teu ngadatangkeun duit, nu baleunghar oge saking lobana duit, bingung duit rek dikamanakeun jadi pusing. Nya pusing, kumaha mun hartana aya nu madog, matakna jelema beunghar mah pager jeung bentengna paluhur-luhur. Eh tapi ketang, boa teuing mikiran hutangna anu mangjuta-juta. Can ge lunas, ke geus aya nu madog.

Balik deui kana perkara hoax. Dina perkara ieu, sharing is pusing, lain deui caring. Caring timana horeng, nu puguh mah garering. Coba gera ayeuna, lamun geus viral bewara jeung carita saputar Corona, naha teu degdegan? Tingkat kecemasan meningkat tajam. Lamun geus loba degdeganana, waraswas sapanjang waktu. Naha moal tereh gering tah awak.

Karek oge bieu, jam 5 leuwih saeunggeus sholat subuh, der we dina WA aya nu ngabagikeun video jeung tulisan, pajarkeun teh urang Itali, dedegan miliuner, keluargana kabeh tariwas. Manehna stress, antukna mah manehna maehan sorangan, ku cara ngaragragkeun maneh ti gedong luhur 30 umpak.

Lain, eta anu ngabagi teh asa teuboga cedo nya ceuk urang mah, cik we atuh subuh-subuh mah ngabagi teh bagbagan agama anu nenangkeun, lain anu matak sing gebeg hate. Ceuk hiji profesor mah lamun urang geus ngagebeg hate, sabaraha poeeun tah jatah kasehatan awak urang leupas. Matak, mun ceuk bahasa ayeuna mah, langsung we bewarana di clearchat, tuman atuh da.

Jeung deuih kieu Sudin, lamun aya anu keur rame teh atawa viral heueuh, eta anggota grup teh sok reang siga meuri nu keur diangon. Hayoh we tatanya, ari ieu bener, ari ieu bener, ari ieu bener, ari ieu bener. Asa matak bosen, eh lain bosen deui, pusing. Tuh kan, jadina anu tadina hare-hare oge jadi kabawa pusing. Da rareang siga meri hayoh weh tatanya.

Padahal geus dijentrekeun, geus dijentrekeun, Ceuceu – Sujang, lamun aya bewara anu teujelas juntrunganana. Cik atuh motekar sorangan, da geus jalebrog, geus boga perangkat aheng sewang-sewangan, sok talungtik. Talungtik ku sorangan, naha bewara eta teh aya teu dina si Sujang Google. Toong ku maraneh, ka tempat-tempat pangbewaraan anu kawentar, kawentar kabeneranana. Sok ngabewarakeun carita-carita anu sapagodos jeung kaayaan sawalatrana. Lamun aya dina pangbewaraan eta, tah berarti anggap we bener. Tah ieu bisi hayang nyaho carana mah Hirup Walagri jeung Sumanget Babati eh Babagi barengan ku Beunta!

Tapi omat, omat sarebu omat. Lamun kira-kira bewarana matak pihanjeluan sorangan mah teukudu babagi kabatur. Da sarua we jeung ngabagikeun katunggaraan anu bisa nyedot tur nyokot sabagean kasehatan baraya urang kabeh. Jadi heup we, mun ceuk dokter kekinian mah gening bahasana teh meni amoi, #berhentidikamu. Jadi mangga sok we dileleb ku sorangan, nya Sudin, Sujang!

Komo lamun bewarana teukasuat-suat saeutik-eutik acan mah dina pangbewaraan anu kawentar kabeneranana. Komo eta mah, cukup we jadi lalaban keur soranganeun. Omat nya ulah dibagikeun ke batur-batur urang anu keur digawe di imah. Ceuk pamarentah mah #rokpromhom eh #workfromhome.

Nya atuh, sahanteuna, lamun urang teuloba kanyaho oge, urang teu jadi wasilah mere panyakit ka baraya urang. Ku babagi bewara anu teujelas bagbagan timana-timana nya.

Tah, anu geus kaburu narima bewara teujeulas alias hoax, omat lamun apal eta hoax teh teukudu diwawar-wawar deui ka batur. Geus puguh maneh oge kan asa katipu. Naha marukanan teh lamu katipu teu hanjelu eta hate. Mun diibaratkeun hitut mah, maneh ngangseu bau, terus dibagi-bagi ka batur, nya pasti embungeun da lain duit atawa dahareun. Jadi mun ngangseu babauan, omat seuseup ku sorangan. Jadi doraka lamun batur oge kudu dibauan.

Nu ngarana hitut, pasti kaangseuna oge moal lila. Komo salilana mah. Engke oge leungit sorangan. Jadi ayeuna mah lamun aya nu ngabagikeun hoax, bewara sumberna teujelas. Anggap we manehna teh hitut atau keur hitut, bisi nyeri hateeun manehna disangka hitut mah. Piraku we jelema disaruakeun jeung hitut.

Aya nu hitut, angseu keur soranganeun, teukudu dibagi-bagi kabatur. Bau.

Hampura Ai, Sujang, Sudin. Lain mamatahan ieu mah. Ngan kereteg hate, baluwengna pikiran teh da kudu dibudalkeun meh teu matak jadi hitut. Bau.

Cag ah!

Cibangkonol, poe Ahad wanci Haneut Moyan, titimangsa 4 Ruwah 1953/2020.

2 comments for "Hoaks jeung Hitut"

  1. Aslina Bah...meuning nga gedeken hitut nupuguh matak sehat..daripada ngagedeken Hoax. Matak nyesatkeun...

    ReplyDelete
  2. Hehe muhun a, manjang hoax teh, tiasa janten panyakit oge.

    ReplyDelete

Terima kasih telah berkunjung, tunggu kunjungan balik saya ya...